Selasa, 20 November 2012

Kawih Sunda


Kembang Boled

Kembang boled kue sagu
Tembang dawa tepuk telu
Wengi boyeh doyan gemuyu
Yen wangsul kula nemelu

Ari liang liang liung
Kembang jambe tepuk keneh
Ora turu Ora Wuluh
Yen balik ora isuk

Kembang boled disisi sawah
Tangkalna mah areuy-areuyan
Ulah eleuh kanu keur  seusah
Ngan saukur da ngaheureuyan

Dari mana datangnya lintah
Dari sawah turun ke kali
Dari mana datangnya cinta
Dari mata turun kehati












Kembang Tanjung

Aduh kembang tanjung
Kembang tanjung diburuan
Aduh kota bandung
Kota bandung indah nian

Aduh kembang tanjung
Kembang tanjung  nu ditaman
Aduh urang bandung
Urang bandung sakaheman

Kembang tanjung  kaanginan
Anu ligar maruragan
Ulah nungtun kaawonan
Bilih janten pacengcadan

Kembang tanjung kaanginan
Marurag dipakarangan
Lamun hirup sauyunan
Tangtu manggih katingtriman












Kembang Gadung

Bismillah ngawitan muji
Muji syukur ka  Hyang Agung
Kembang gadung nu kahatur
Keur sadaya kaum dangu

Neda jembar hampurana
Ka gusti nu maha suci
Neda diaping dijaring
Neda syafaat pangariksa

Sareng ka para karuhun
Nyanggakeun ieu pangbakti
Ulah bade iri dengki

Kembang gadung nu kahatur
Nyanggakeun mah ieu pangbakto
Lah ieung neda kasari katampi
Pangbakti ti seuweu siwi













Mitra

Sanes teu seja ka dano
Artosna tacan sayogi
Sanes abdi kirang sono
Waktosna parantos dugi

Nyanggakeun sabrang salayan
Leubeut ka cabe mah henteu
Nyanggakeun hatur lumayan
Lebet ka sae mah henteu

Pasir kija karapitan
Jalan na ka raja galuh
Abdi seja pamitan
Ayeuna bade pajauh

Saninteun buah saninteun
Saninteun di parapatan
Hapunteun abdi hapunteun
Samudaya kalepatan












Botol kecap

Cobi taksir
ieu abdi anu herang mencrang
Sok piraku henteu kabandang
Mun dtilik ti gigir lenggik
Mun disawang ti tukang lenjang

Cobi taksir deui
Ieu abdi anu herang mencrang
Sok piraku henteu kabandang
Mun ditilik ti gigir lenggik
Mun kasorot neon cahyana enyoy-enyoyan

Yuu hayu urang lempang rerendengan
Da abdi mah teu acan gaduh tunangan
Ulah gimir pami anjeun bade naksir
Ulah rempan pami anjeun bade nyawang















Girimis munggaran

Girimis munggaran
Sabada katiga panjang
Marengan turun halimun
Di mumunggang gunung

Girimis munggaran
Nyiram bumi nu hanaang
Katiga pungkas lekasan
Di pasir layung

Ret ka kaler majalaya
Teu atra leubah-leubahna
Mayakpak girimis bodas
Estu nambiahn kawaas

Ras ka diri nu kasurung
Kasurungna pileumpangan
Rumasa geus kasamaran
Ku asih nu saliwatan

Girimis munggaran
Nyiram tresna nu munggaran
Pungkas hiji panghareupan
Ka djungdjunan …







Bulan Sapasi

Bulan sapasi
Jig nyaksi diri abdi
Pias-pias sagala paninggal
Katambias ge panginten

Angin asih nu bihari
Teu deui ngalusan diri
Digentos ku angin bajrag
Mata k sedih jeung nalangsa

Hareupan kiwari ukur hareupan
Da bentang dilangit masing baranang
Hareupan sugansih jadi putusan
Da anjeun masing osok neang datang

Aduh-aduh matak paur
Lamun diri katalanjur
Sanajan diri tinggal sapasi
Alim jadi raib diri












Kulu-kulu kelebet beureum

Kelebet beureum kelebet bodas
Nyeredet meureun da puguh was

Abdi mah alim ka bandung
Hoyong ka sumedang bae
Abdi mah alim dikantun
Hoyong sasarengan bae

Cai mulang cai malik
Cai ngocor ka astana
Bingung mulang bingung balik
Abdi tteh kieu rasana

Oet-oetan jamparing peugat talina
Seseredetan taya gantina
Oet-oetan jamparing peugat talina
Seseredetan taya gantina

Ayun –ayunan
Diayun-ayun ku sinjangan
Ukur lamunan
Da bongan sorangan









Bangbung hideung

Bangbung hideung
Bara-bara
Teuing diri …

Lahang bari dicandak ka sukagalih
Situ pinuh balong jero
Bebendon sareng bebendu
unggal ti salira juag
awi tteh pangajul buah
lantaran ti kitu

sora bedil
luhur mega paripaos
teu paya leupat seutik
diri abdi ka gamparan
















Banondari

eeh …
banondari
nu geulis kawanti-wanti
nu endahna malih warna
puputon kembang kadataon
lamun teu kauntun tipung
katambang beas laksana ka piduriat
matak paeh ngabale bangke
matak edan leuleuweungan

so aso lali wa uwa uwaing
So aso lali wa uwa uwaing

Aya ucap paribasa
Sarung bantal mungguh cipruk
Seep saputangan hiji
Ceurik balas ku nalangsa
Abdi nalangsa
Nguping hujan tengah weungi
Diimah keueung sorangan
Nyangigir asa gigireun
Nangkarak asa luhureun

 so aso lali wa uwa uwaing
So aso lali wa uwa uwaing

Jung nangtung asa lalanjung
Gek diuk asa tiguling
Leumoang asa ngalongkewang


Ayun ambing

Ari ayun-ayun ambing
Diayun-ayun ku samping

Nyalindung ka pasir batu
Nyawang mah ka cilameta
Indung sasaurna metu
Bapa saucapna nyata

Cantigi disisi situ
Jeung tomat tangkal kalapa
Kahatur mung sakitu
Sing hurmat ka indung bapa

Ari ayun-ayun ambing
Diayun-ayun ku samping
















Gurat bumi

Gurat bumi tapak jalak abdi jangji
Gurat bumi kapaksa abdi tteh sumpah
Najan anjeun ayeuna rek jadi beunghar
Kajeun teuing abdi mah moal kabita
Amit-amit jabang bayi

Heman teuing moal arek balik deui
Nyeuri hate moal beunang kaupahan
Najan anjeun ayeuna rek jadi beunghar
Kajeun teuing abdi mah moal kabita
Ngedalkeun nafsu birahi

Aya paribasa bodas-bodas kembang malati
Tapi leuwih bodas bodasna kembanh selaish
Yen putus tali masih bisa disambung
Tapi putus cinta nyeuleukitna kana hate

Gurat bumi abdi jangji
Gurat bumi abdi sumpah













TABLO

Kuring nyuuh na tutunggul
Kaiuhan ku samoja
Duh ieung
Kembangna mangkak barodas
Anu ligar maruragan
Anu ligar maruragan
Marengan keclak cipanon
Maseuhan taneuh kuburan

Deudeuh teuing jungjunan
Sanajan ngan kari tulang panutan
Kulit daging ilang musnah
Wujud dibungkus ku bumj
Alah …
Tapi anjeun teuteup langgeng
Nyentel dina hate kuring
Hate kuring sedih kingkin
Ari ras anjeun geus euweuh
Kamana neanganana nu nyaah ka diri abdi
Kitu salah kieu lain
Lir ngudag-ngudag kalangkang

Kitu salah kieu lain
Laleuwang loba kaeling
Loba kaeling
Duh taya gesan pamuntangan
Taya gesan pamuntangan
Nunggeulis diri pribadi
Alah …
Duh ieung beak beurang ganti peuting
Teu sudah sudah kepeurih
Teu sudah-sudah kapeurih

Tokecang

Cai cai kopi kopi
Peupeurih dileueut moal
Calik-cali sareng abdi
Peupeurih caket mah moal

Kapan abdi gaduh suweng
Naha henteu dipongpokan
Kapan abdi keur baluweng
Naha henteu dilongokan

Sapanjang jalan soreang
Moal weleh diakalan
Sapanjang tacan kasorang
Moal weleh diakalan

Haruman gunung haruman
Meser lawon sae dasarna
Kaluman kuring kaluman
Mun awon kieu rasana

Kamana mah jalan cibiru
Sok waas jalanna lila
Panutan ulah sok kitu
Ulah anggang da abdi hina

Kuma suling kuma suling
Suling ngan sirungan bae
Kuma kuring kuma kuring
Kuring ngan bingung bae


Bajidor Kahot

Ngengklak dikalang dipaeran nyi lenjang
Dangdanan necis disandingan kunu geulis
rengklak nu merenah
nu neuteup kabengbat manah
duh gending rungkang tambah ngota

kemprung dipanggung geus jadi kagandrung
sok gararetek sapeuting teu ngarengkenek
tepak gendang ngajak ngengklak
aduh manis ear sendap
kabengbat duriat najan ujul eusi pesak

ehh
tuh bajidor pada kahot
moal kapok nu nongton nya pantes loba
moal lenyap bajidor teu weleh bogoh
moal arek moal rek milih kacape












Tidak ada komentar:

Posting Komentar