Kamis, 27 Desember 2012

Maung Lugay



1
Bul kukus mendung ka manggung
Ka manggung neda papayung
Neda jembar hampurana - hampurana




Lugay lungsur ka marcapada

Beak taun beak windu
Ngabandungan nyerangkeun ti kaanggangan

Lampahna paseuweu siwi – Pajajaran

2
Hasil meleng hasil ngimpleng
Anjogna sami ngahuleng
Tatar Sunda paburantak - paburantak

Rahayatna lara balangsak
Nu jadi marga lantaran
Patengtongan teu layeut jeung duduluran
Pagirang-girang tampian - Kokomoan

3
Poho ka purwa daksina
Jengglengan Sunda asalna
Midang ajeg ngalagena

Sakeclekna jeung sajeplasna
Sipat leungit tanpa lebih
Ngarakacak gegetna sedih jeung peurih
Nu matak rek makalangan – Gulung tangan

4
Lugay maung Pajajaran
Lumungsur ti patapaan
Ngalenghoy jeung gagauran

Sora eundeur tur handaruan
Bulu belang koneng loreng
Borongongong nyanggereng sihung ranggeteng
Socana herang moncorong – Neuteup merong

5
Taya karingrang kakeueung
Ulat teuneung daweung ludeung
Larak lirik duwang daweung

Nunggu-nunggu raga katineung
Neangan nu rek nunggangan
Sinatria raspati wanda ludeungan
Tedak Pajajaran asli - Siliwangi