1
Bul kukus
mendung ka manggung
Ka manggung neda
papayung
Neda jembar hampurana
- hampurana
Lugay lungsur ka
marcapada
Beak taun beak windu
Ngabandungan nyerangkeun ti kaanggangan
Ngabandungan nyerangkeun ti kaanggangan
Lampahna paseuweu
siwi – Pajajaran
2
Hasil meleng hasil
ngimpleng
Anjogna sami
ngahuleng
Tatar Sunda
paburantak - paburantak
Rahayatna lara
balangsak
Nu jadi marga
lantaran
Patengtongan teu
layeut jeung duduluran
Pagirang-girang tampian - Kokomoan
Pagirang-girang tampian - Kokomoan
3
Poho ka purwa
daksina
Jengglengan Sunda
asalna
Midang ajeg
ngalagena
Sakeclekna jeung
sajeplasna
Sipat leungit tanpa
lebih
Ngarakacak gegetna
sedih jeung peurih
Nu matak rek
makalangan – Gulung tangan
4
Lugay maung
Pajajaran
Lumungsur ti
patapaan
Ngalenghoy jeung
gagauran
Sora eundeur tur
handaruan
Bulu belang koneng
loreng
Borongongong
nyanggereng sihung ranggeteng
Socana herang
moncorong – Neuteup merong
5
Taya karingrang
kakeueung
Ulat teuneung
daweung ludeung
Larak lirik duwang
daweung
Nunggu-nunggu raga
katineung
Neangan nu rek
nunggangan
Sinatria raspati
wanda ludeungan
Tedak Pajajaran
asli - Siliwangi
Tidak ada komentar:
Posting Komentar